Wasta : Riza Octaviana
Kelas : 2 Analis Kimia 4
![]() |
“Ngarantau
Cita atawa Cinta ??”
Hoream di imah sorangan mah,
komo deui lamun keur lapar tapi teu boga duit, teu boga pititaheun keur
ngadamel pasakeun. nya kieu ai boga indung bapa jauh ti sim kuring. Sim kuring
ngarantau ka kota jakarta akhir taun 2009. Ku kekeuhna sim kuring ngarantau
ambu sareng apa ngahaja meulikeun imah leutik saukur sim kuring wungkul
dijakarta. Teu leutik teuing mah, mung kamar keur sim kuring hiji, dapur ,
jamban, ruang tamu anu sakaligus jadi ruang keur nonton tv, nya cekap lah keur
nu nyalikan hiji jalma mah. Ambu sareng apa ngabelaan ngajual tanahna kanggo
pangmeulikeunimah keur sim kuring. Atuh da nu matak sim kuring kekeuh ngarantau
ti Tasik ka Jakarta teh nyaeta sim kuring kenging tawaran kanggo jadi pagawai
kantoran di salah sahiji kantor produk motor nyaeta "Honda".
Kabeneran sim kuring pisan pagaweannana.
Sim kuring Dani Dimitri kalahiran
Tasikmalaya 1994. Sim kuring nembe lulus sakola tau iyeu keneh. Kabeneran emang
sim kuring ayeuna teh didamel di Jakarta. Manehna oge lulusan otomotif ti
sakola anu sami sareng sakola sim kuring. Ayeuna parantos sukses jadi Manager
di PT. Honda Jaya di Jakarta. Sim kuring nembean gaduh emang anu sukses
sapertos Mang Danar. Da nu sanesna mah ngan saukur buruh pabrik, aya age anu
damel di konfeksian, aya nu damelna saukur serabutan mun aya pigaweeun nembe
didamel. Anu parahna deui mah malah aya nu ngan saukur cicing di imah teu
kamana mana atawa ngan saukur ngahereyan budak leutik di kampung. Gawena teu
puguh, naon ujungna mah jadi pangangguran. Padahal aya nu pendidikanna teh tos
nepika S1 atawa atawa aya oge anu atos ka S2. Tapi eh anggeur we damelna mah
pabrik deui pabrik deui. Ambu sareng Apa teh tos ngawanti wanti ka sim kuring
ti keur sim kuring leutik keneh. Supados engke tos ageung tos lulus sakola sim
kuring kudu ngalewihan Ambu sareng Apa. Sim kuring kudu lewih pinter sareng
trampil ti kabeh kaluarga.
Ayeuna sim kuring nuju gawe keneh, padahal
waktos teh tos nunjukkeun hawa kudu kaluar ti kantor. Tapi da tugas nu aya di
meja teh kudu dianggeuskeun ayeuna keneh. Lamun tos kieu kahoyong libur teh
meni kabayang pisan. Tapi sim kuring didinya teu meunang mikir kitu da moal
bisa deui kitu sim kuring mah. Kusabab nembe kamari keneh sim kuring nyandak
cuti da hoyong pulang kampung istilahna ceuk musim boboran mah. Tos sataun
lewih sim kuring teu uwih ka Tasik. Salila sim kuring damel di Jakarta sim
kuring jadi teu alus nyarios sundana. Jiga Kacang lupa Kulitnya ceuk paribasa
basa indonesiana mah. tapi da sim kuring teh nyadar keneh da sim kuring teh
urang kampung keneh. Anu ngabogaan watak anyar jadi urang kota. Salila sim
kuring cicing di kota metropolitan anu pinuh ku jalma anu moro pibeunghareun,
sim kuring patepang sareng loba kenaleun. Salah sahijina sobat kuring nyaeta
Deni. Manehna oge ngarantau ka Jakarta, ngan geus leuwih lila di Jakartana.
Ayeuna tos sa bumi sareng sim kuring da pedah manehna asa teu sanggup lila lila
lamun ngakos. Pedah sim kuring oge teu aya rerencangan di bumi. jadi lamun
lapar ayeuna mah bisa duaan. lamun hoream nanaon aya pititaheun ayeuna mah
deui. jeung nyaeta di imah teh teu sieun teuing da ayeuna mah aya baturan di
imahna unggal poe.
Salian ti Deni , sim kuring oge
gaduh rerencangan anu sok ameng ka bumi sim kuring. Nyaeta aya Iwan, Agus,
Rahmat, Mumun, Oci sareng Farikh. Rata rata teh emang ngarantau ka jakarta .
Ngan Farikh wungkul anu asli Jakarta. Matakna lamun sim kuring sadaya jalan
jalan atawa ameng ngurilingan Jakarta sok ngajakan Farikh. Da manehna teh
sapertos GPS anu nunjukkeun jalan. Beda deui sareng iwan jeung agus mah.
Manehna duaan datang ti garut jeung mojokerto. Duanana sami sami kampungan mun
ceuk kasarna mah. Atuh da diajak ulin kamana mana teh sieun. Salian eta
kalakuanana kacida ngerakeun pisan. Tapi da ari geus nyaman jadi rerencangan
mah sifat goreng ti nu sanesna ge disebat alus we da eta teh rerencangan anu
geus jiga kulawarga. Beda jalma beda carita, Rahmat, Mumun sareng Oci mah atos
kabawakeun ku mode sareng gaya urang kota pisan. Komo Jakarta mah gaya
pakeunnana kaciri pisan bedana sareng kota kota gede di ieu nagara. Sim kuring
sareng rerencangan nu sanesna mah teu pernah nyirikeun atawa komo deui lamun
ngajauhan mah. Sim kuring sareng nu sanesna pernah ngarasa kakucilkeun ku gaya
ieu kota. Tapi sim kuring jeung nu sanesna mah teu pernah manjangkeun eta
persoalan.
papanggih sareng rerencangan nu
nyaman jiga kitu barengan sareng sim kuring anu papanggih sareng Mina. Mina teh
gadis anu sapadamelan sareng sim kuring. Kacida geulisna teh, bisa ngajadikeun
lalaki nu nempo cicing sakicep lantaran ningali ka geulisan kembang kota jiga
Mina. Manehna teh sok cicing dibagian produksi tapi manehna teu terjun langsung
nyepeung nyepeung mesin jiga nu sanesna. Manehna ngan saukur nempoan hasil
damel karyawannana. Manehna oge anu sok nyamperan sareng ngobrol sareng klien
atawa pangusaha sejenna anu ngahaja datang ka pabrik produksi motor ieu. Salila
sim kuring didieu, sim kuring teu boga nyali pisan keur ngadeketan Mina. Tong
heula ka ngadeketan, ngobrol salintas sareng Mina oge sim kuring mah sok
ngoprot kesang tiis kaluar, teu terang kunaon. Grogi meren atawa sim kuring teh
jiga banci pisan. Ngadepan awewe jiga kitu jiga papanggih sareng bos anu rek
mecat sim kuring. Sim kuring jiga kitu ka manehna tos aya leuwih ti 2 taun
merenan. Sim kuring ngan mendem rasa wungkul ka mina, ai ngadeketanna mah sok
eweuhan nyalina. ai ningali lalaki nu sejenna mah ngan teras terasan we ngagoda
Mina. Sim kuring teh sok hoyong ngambek ka lalaki nu Cengos ka mina, tapi
dipikaran deui saha sim kuring make aambekan sagala Mina dikitukeun.
Tapi dina hiji mangsa sim kuring
dibere dukungan ti rerencangan anu deket pisan sareng sim kuring kanggo
ngadeketan Mina. Saminggu lewih sim kuring ngumpulkeun nyali keur ngajak tuang
mina di restoran seafood anu terkenal di jakarta. atuh da deg deganna ge beda
ieu mah, teu jiga sim kuring bogoh atawa resep ka awewe biasa. Sim kuring ge
ngebet pisan hoyong dekeut jeung manehna. Manehna teh jiga boga magnet keur
narik sim kuring ngadekeutan manehna. Nepikeun ka wengi sim kuring diuk dina
meja kerja sim kuring anu aya di caket meja kerjana Mina di payuneun sim
kuring. emang rada jauh sih tapi meja sim kuring sareng Mina teh aya dina hiji ruangan
anu aya di lantai 32. sim kuring ngahaja nyieun modus ngalila lilakeun pagawean
anu aya di luhur meja kerja sim kuring keur bareng sareng Mina. pas jam 8.00
sim kuring karek ningali mina beres beres. Teu jiga biasana mina uwih peuting
peuting jiga kieu. biasana mah jam 5 jam 6 teh atos aya di halte busway
nungguan bis anu rek mawa Mina uwih ka bumina. Sim kuring sababaraha kali
nuturkeun Mina nepikeun ka imahna tapi teu pernah nepi ka imahna. di tengah
jalan keur nuturkeun teh pasti we aya gogodana. Iwal ti ban motor bocor, macet
total, di tewak ku polisi, di bawa ka kantor polisi kusabab sim kuring teu mawa
SIM kusabab SIM na teh ka londry di calana kamari jeung nu sejen peristiwa anu
lucu jeung konyol ceuk sim kuring mah.
Sim kuring nuturkeun Mina meresan
meja kerja. Pas bade kaluar tiba tiba Mina ngalambatkeun langkahna nu tadina
mah keur jalan biasa. Sim kuring rewas ningali Mina anu seuri mesam-mesem ka
sim kuring ti kajauhan. Sim kuring ningali ka tukang sakedap, mastikeun nu di panggil ku mina teh sim kuring. Buktina
teh bener Mina nyambut sim kuring jiga nu bungah. Sim kuring ngadeketan. Teras
ngobrol sareng Mina bari jalan ka parkiran mobil. Dina obrolan sim kuring ka
manehna teh aya anu sim kuring ngamodus, tapi ujung ujungna mah sim kuring
ngajak mina tuang di waktos eta keneh. Untungna Mina kersaeun. Bungah pisan
kacida sim kuring ngadangu mina narima tawaran sim kuring.
Lila kalilaan sim kuring sareng
manehna deket. Hampir sadayana caritaan sim kuring, sim kuring caritakeun ka
Mina. Tapi can aya kawani rek ngajak manehna bobogohan teh. Rerencangan sim
kuring nu sanes ge jadi dareket pisan sareng Mina. Ngan beda deui sareng
rahmat, Rahmat mah atos dekeut sareng Mina ti kapungkur keneh. Dina hiji waktos
sim kuring ngadangu wacan anu eusina ngabarkeun Mina teh kaluar ti kantor. Hate
teu ngeunah pisan rasana ngadangu wacana Mina nu kaluar ti kantor.
Sataun lilana sim kuring teu
papanggih sareng Mina. Hiji waktos sim kuring sareng rerencangan ngahaja ka
tempat makan anu ku sim kuring datangan pedah ieu teh awal bulan. Didinya sim
kuring rewas kusabab aya Mina sareng rerencangan sim kuring pisan nyaeta
Rahmat. Pas sim kuring rek nyamperkeun Rahmat jeung Mina angkat ninggalkeun ieu
tempat. Sim kuring ngan mikir mereun manehna duaan teu ningali sim kuring.
Saminggu ti kajadian eta peuting, sim kuring kaingetan Mina. Sim kuring pernah
nyobaan nelpon ngan gagal, nomerna Mina teu aktif. Tega pisan mun ceuk sim
kuring Mina teh teu masihan kabar ti taun kamari keneh, tapi da eta ceuk sim
kuring anu bogoh ka manehna. Beda deui mereun ceuk manehna mah. Keur sim kuring
ngalamun, sora Tv di rohangan teh kacida tarik pisan. Sim kuring ngareret Tv
sakedeung, pas disidik sidik eta nu aya di acara Tv teh awewe geulis nu sim
kuring kenal pisan. "Mina !!" sim kuring ngagorowok spontan tarik.
Sakiceup rohangan jadi sepi kusabab sadaya nu aya didinya cicing ningalikeun
sim kuring. Saatos sim kuring kaluar kantor sakabeh karyawan kantor
ngaromongkeun Mina nu aya di Reality show di Tv tadi siang.
Nepi ka imah sim kuring langsung
ngabuka laptop teras langsung browsing acara nu di peranan ku Mina. Geningan
eta acara teh emang acara anyar di eta stasiun Tv. eusina maparkeun
peristiwa-peristiwa percintaan nu rata-rata pangalaman pribadi ti
remaja-remaja. Panasaran saangeusna teh, sim kuring langsung neangan sagala
cara keur papanggih sareng Mina. Hiji-hijina cara nyaeta sim kuring kudu datang
ka tempat syutingna mina di Kemang. Sadaya pegawean nu aya di meja kerja sim
kuring geus beres sim kuring kerjakeun. Sim kuring kaingetan boga rencana rek
ngadatangan tempat syutingna Mina ka Kemang. Jam 2 keneh sim kuring geus kaluar
kantor. Sadaya karyawan nu aya di rohangan kerja ningaralikeun sim kuring. Ngan
sim kuring mah lempeng we teu nembalan panon karyawan lain nu ningaralikeun sim
kuring. Ti sim kuring beberes nempikeun ka sim kuring kaluar ti rohangan kerja.
Dijalan sim kuring mikirkeun
strategi nu rek sim kuring laksanakeun engke pas geus papanggih jeung Mina. Pas
geus nepi hate beuki we ngeleper. Didinya sim kuring papanggih sareng Oci nu
kabeneran didamel di stasiun Tv tempat Mina didamel. Oci nu nyaho sadaya
caritaan sim kuring sareng Mina tos bade ngabantosan. Sim kuring geus janjian
jeung manehna ti isuk-isuk keneh. Pas sim kuring datang ka tempat Mina keur
syuting, sim kuring cicing jiga nu teu bisa gerak nanaon ningalikeun Mina
dipayuneun. Sim kuring karek nyadar aya lalaki di hareup nu jigana teu
kicep-kicep ningali Mina. Sim kuring nyidik-nyidik eta lalaki tadina mah rek
dihereuyan, tapi karek ningali ti gigir rarayna, sim kuring teu kuat teu sadar
sim kuring ninggalkeun eta tempat make lumpat satarik-tarikna lumpat. Kuring
lumpat eweuh tujuan kamana mana. Nepikeun sim kuring teu nyaho rek kamana sim
kuring cicing. Teu lila ngaran sim kuring disebat ti tukang. Oci geningan
nyusulan, sim kuring di tuntun ku Oci nepikeun ka tempat parkir tadi pertama
sim kuring sareng Oci papanggih. Oci ngan cicing teu ngomong nanaon. Tos
sababaraha lami Oci karek ngomong. Sim kuring ngan ngadoa yen dinten ieu teu
kaulang deui.
"Kringgggg ......... "
Hape sim kuring hurung. Tapi teu sim kuring angkat kalahkah sim kuring pareuman
da ayeuna keur rapat. Kaluar ti rapat eta sim kuring langsung ngahurungkeun
hape nu tadina sim kuring pareman. kaluar nomer nu ku sim kuring teu dikenal.
Sim kuring langsung nelpon balik eta nomer, tapi teu aya nu ngangkat. Peutingna
keur sim kuring sasarean hape hurung deui, sim kuring langsung ngankat eta
panggilan. Pas diangkat awewe nu ngomong, disidik sidik sorana mah eta teh
Mina. Sim kuring langsung nanyakeun ka eta nu nelpon. Bener we eta Mina, bungah
pisan rasana sim kuring ditelpon ku Mina. Ncan ge sim kuring nanyakeun kabar
Mina langsung ngomong ti heula. Mina ngajak sim kuring papanggih ayeuna keneh
ceuk Mina mah ieu teh penting pisan, teu lila sambunganana diputuskeun. Sim
kuring rewas teu lila sim kuring langsung angkat ka tempat anu rek dijadikeun
tempat papanggih sareng Mina. Teu lila Mina datang mawa popohonan leutik di
tanganna. Ti jauh keneh Mina mesam mesem, sim kuring bungah pisa, geus lila teu
ningali senyum kitu ti Mina. Didinya Mina nyaritakeun kabarna, di akhir
caritaan Mina ngomong manehna bakalan angkat ka luar kota, tapi Mina teu
nyebutkeun rek kamana manana mah. Mina ngomong kitu bari nyarios "Dan, ieu
popohonan pasti ku abdi ditinggalkeun didieu, tapi waktosna mah kumaha engke we
nya, Oci tos terang da. Engke lamun oci ningali aya ieu didieu pasti bakal
masihan terang ka dani" Mina ngomong bari anu sedih. Peuting eta moal
kalupakeun ku sim kuring.
Ayeuna masih keneh jam 6. Kabiasaan
sim kuring lamun libur mah da kieu. Gugahna ge lain siang deui. Tapi beda jeung
ayeuna, jam 6 tos aya nu gegedor ngagugahkeun sim kuring. Sim kuring gugah bari
kukuliatan. Kaluar ti kamar Oci tos tatih payuneun panto payun. Oci ngabarkeun
Mina angkat ayeuna. Ngadenge kitu sim kuring cenghar pisan kacida. Teu mikir
pangjang kuring langsung ibak kilat sakilat petir, teras langsung angkat
kastasiun kareta sareng Oci. Oci ngomong dijalan, yen eta popohonan teh aya di
tempat sim kuring sareng Mina sok nungguan kareta lamun rek mudik. Pas kadinya
sim kuring langsung ka eta tempat nu dimaksud ku Mina. di eta popohonan loba
amplop nu warna warni. Sim kuring panasaran hiji amplop ku sim kuring buka.
Eusina ngejutkeun pisan
"Dani
nyieun abdi hoyong tepang sareng panon poe"(Mina). Sim kuring langsung
lumpat neangan Mina nepi ka ujung stasiun. Tapi sim kuring teu papanggih.
Nepikeun piluit kareta anu nandakeun kareta kudu maju ayeuna di sada. Sim
kuring leleus ngan cicing ningali kareta nu geus maju ninggalkeun stasiun. Didinya
sim kuring ngagerenyem sorangan "Naha teu tibaheula sim kuring ngomong ka
Mina". Sim kuring inget ka popohonan nu di pasihan ku Mina. Oci masih
keneh aya didinya nungguan sim kuring. Manehna ngan ngomong sabar ka sim kuring
teras miwarang sim kuring mawa eta popohonan ka imah. Nepi ka imah sim kuring
langsung nyamperkeun rerencangan sim kuring anu aya di imah ti tatadi keneh.
Langsung sim kuring ngabukaan hiji-hiji amplopna anu eusina ngagambarkeun
kaayaan hate manehna ka sim kuring. Ngomongkeun Rahmat, geningan Rahmat nu geus
ngabawa Mina ka luar kota. Sobat sim kuring anu ku sim kuring ngewa ternyata
pantes dikitukeun. 2 tulisan anu bakalan jadi ingetan keur sim kuring ti
manehna nyaeta "Dani maju terusnya tong ngabawa kasangsaraan keur Apa sareng
Ambu dani" sareng "Dan, Lamun jodoh urang pasti bakalan patepang,
lamun teu jodoh, urang pasti bakalan patepang oge". 2 tulisan ti manehna
nu bakal jadi motivasi keur sim kuring keur ngahadepan kahirupan kahareupna.

Tidak ada komentar:
Posting Komentar